KATINGGANG
LOPE
Buah
pir buah delima
Dipesek
jadi rambutan
Kami
ti kalompok lima
Bade
drama sisindiran
Debora Septika S :
babaturan Tiwi
Harry Tribuntari :
Abah
Pratiwi Lazuardini M : NengTtiwi
Septi Setiawan :
Kang Septi
Siti Laila Abiya :
Ambu
Jalan
jalan ka ciawi
Meuli
buah ka si edah
Tepangkeun
abdi pratiwi
Nu
jadi putri si abah
Septi :
Aya
mayit dina peti
Di
gotong ku si mang asep
Kenalkeun
simkuring septi
Nu bageur soleh tur kasep
Debora :
Ka
sumedang jeung mang tora
Anu
remen Utah tea
Tepangkeun
abdi debora
Nu
bageur jeung geulis tea
Abiya :
Di
situ aya buhaya
Nyumput
dina tangkal awi
Nepangkeun
abdi abiya
Nu
jadi ambu neng tiwi
Harry:
Jalan
jalan ka cimary
Meuli
sawah ka si wiwi
Nepangkeun
simabdi harry
Nu
janten abah neng tiwi
Hiji
carita di kampung Buah Batu hirup hiji kulawarga. Isuk-isuk samemeh mangkat
kuliah, Pratiwi riweuh nguruskeun papakeanna lantaran hudangna kabeurangan.
Pratiwi : “Ambuuuuuu tiung tiwi na dimananya? Ning
teu aya dina lomari?”
Ambu : “ceunah eta kamari nyimpen dimana?”
Meuli
kueh ka mang awan
Nyimpang
heula ka si oman
Aduh
mani karipuhan
Boga
budak sok pohoan
Abah : “euleuh euleuh ieu isuk isuk geus rariweuh
kieu. Na aya naon teuing ieu teh ambu?”
Na
lomari aya piring
Hujan
gede tembok baseuh
Ieu
Abah mani pusing
Isuk
isuk geus rariweuh
Ambu : “aeh ai si Abah, itu budak Abah anu pohoan,
unggal isuk riweuh.”
Pratiwi : “parantos Ambu Abah, sing horeng ieu tiung
aya dina gantungan panto.”
Teu
lila Pratiwi indit pamit ka Ambu jeung ka Abah bari rurusuhan. Torojol we
Debora datang nyampeur,
Debora : “Tiwi, hayu atuh cuang mangkat bisi
kabeurangan.”
Butuh
samak tina pandan
Ambeh
bisa kekedengan
Ti
subuh geus rengse dangdan
Ambeh
henteu kabeurangan
Pratiwi : “hayu atuh hayuu.”
Indit we eta budak dua ka kampusna dina motor.
Di
kampus Septi geus hariwang, lantaran sieun gagal rencana na. Sapanjang jalan
hayuh we nyiwitan leungeun sorangan.
Pratiwi :” Deb anter heula yu ka kantin, kuring can
nyarap yeuh, bisi ke pingsan di kelas.”
Debora : “ hayu atuh barinage kuring ge asa hayang
meuli cai”
Di
jalan ka kantin pratiwi jeung Debora
papanggih jeung Septi
Septi : “aduh neng Tiwi sareng neng Debo mani tos
gareulis”
Jalan
jalan ka ci manggis
Jalanna
ka pasir batang
Duh
eneng mani tos geulis
Si
geulis pujaan akang
Pratiwi :”naon atuh ah kang Septi enjing enjing tos
ngagombal”
Debora : “kade ah Wi asa aya semu ngagombal .”
Si
nini mencetan aki
Make
ubar diciduhan
Kudu
was was ka lalaki
Bisi
beunang ku omongan
Septi : “ aeh aeh neng Debo mah mani kitu, di sebut geulis
ge kalah ngagombal ceunah. Da Akang mah tara ngagombal.”
Pratiwi : “atos ah hayu Deb bisi kasiangan, hayu
Kang neng tipayun.”
Septi : “ aduh neng Tiwi manga neng, eh neng ke
mulih ti kampus akang ka bumi, wios nya?”
Debora : “tuh nya wi ceuk Debo ge naon? Pasti we aya
kahayang kang Septi mah”
Pratiwi : “ ai Akang bade naon ka bumi neng ? “
Septi : “ ah tingali we engke akang bade naon, tapi
neng ngawidian teu heula akang dongkap ka bumi neng ?
Pratiwi : “ mangga akang neng mah teu langkung akang
we, ayeuna mah neng tipayun nya bade ka kantin”
malati
kembang malati
dipelakeun dina batu
upami hoyong ka sim abdi
dongkap wae ka buah batu
dipelakeun dina batu
upami hoyong ka sim abdi
dongkap wae ka buah batu
Debora : “ nya hayu Wi si akang mah ngaganggu wae.”
Septi : “ hatur nuhun neneng anu gareulis, wilujeng
ka kantin”
Jig
we indit budak dua teh ka kantin, sing horeng si Septi kacida bingahna bari
ajleng ajlengan mangkat ka kelas.
Kacaritakeun
kuliah geus rengse tuluy we para mahasiswa mahasiswi balubar, kacida ramena eta
kampus ku barudak ngora.
Debora : “ wi, ceuk anjeun si kang Septi ek naon nya
k imah anjeun?”
Pratiwi : “ tah puguh simkuring ge tatadi kapikiran,
sok araraneh da si akang eta mah “
Debora : “hayu lah ayeuna mah cuang ka imah anjeun”
Si
teteh ka lingga manik
Balik
na ka Pamalayan
Hayu-hayu
geura balik
Kuring
mah geus panasaran
Pratiwi : “ hayu atuh debo!”
Beda
carita deui si Septi keur riweuh memener papakean jeung siap siap mental jang
engke ek ka imah neng Pratiwi.
Wah
iuh we si Septi mawa motor bektu na
indit ka imah neng Pratiwi.
Septi : “ assalamu’alaikum “
Ambu : “wa’alaikum salam, eeh ujang bade ka saha nya
?”
Septi : “ kuring Septi bu, kuring sumping k adieu
bade ka neng Pratiwi, dupi neng Pratiwi na aya ?”
Teu
lila Abah ngagorowok
Abah : “ ambuu.. ambuu.. saha ete tamu teh ? sina
asup atuh ka jero, ulah dianggurken wae !”
Ambu : “ ieu Abah aya rerencanganna neng Tiwi”
Abah: “aeh ai sugan aya saha, sok atuh ujang lebet
ka bumi reyod yeuh.”
Septi: “ hatur nuhun abah ambu”
Teu lila kucunghul we neng tiwi kaluar ti kamer na.
Pratiwi : “ eh akang parantos sumping, ke sakedap
neng nyandak heula cai ,”
Septi : “ eh neng wios teu kenging ngarepotkeun,
akang moal lami da kadieu teh ararisin”
Pratiwi :”teu sawios akang”
Sabari
neng tiwi mawa cai ka dapur, septi langsung ngobrol jeung Ambu jeung Abah.
Septi :
Ka
cirahong bari nyesep
Meuli
cau ka si adah
Aduh
abah abi resep
Ka
neng tiwi putri abah
Abah :
Si
abah keur ngala awi
Naek
motor nu si nana
Lamun
hayang ka neng tiwi
Kudu
boga jang bekel na
Datang
neng Tiwi bari maw acai
Tiwi:
Meuli
bawang ka man aming
Ngaliwat
imah bi ebah
Lamun
haying ka sim kuring
Kudu
ngahareupan si abah
Ambu:
Ti
Jakarta meunang kiwi
Di
jalan beak kiwi na
Lamun
haying ka neng tiwi
Kudu
sabar nungguanna
Septi :
Kembang
cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan
Sannggeus rengse ngobrol, teu lila
we si Septi kaluar ti imah neng Tiwi bari pamitan ka nu aya di imah.
Kabeh :
Meuli buah ka mang nana
Nitah meuli ka si patur
Enggeus rengse caritana
Sakieu nu kapihatur

izin share ya,,,
BalasHapus