WELCOME IN MY BLOG

Pages

Kamis, 06 Maret 2014

Drama Sisindiran

KATINGGANG LOPE
Buah pir buah delima
Dipesek jadi rambutan
Kami ti kalompok lima
Bade drama sisindiran

Debora Septika S        : babaturan Tiwi
Harry Tribuntari          : Abah
Pratiwi Lazuardini M : NengTtiwi
Septi Setiawan            : Kang Septi
Siti Laila Abiya           : Ambu
Pratiwi :
Jalan jalan ka ciawi
Meuli buah ka si edah
Tepangkeun abdi pratiwi
Nu jadi putri si abah
Septi :
Aya mayit dina peti
Di gotong ku si mang asep
Kenalkeun simkuring septi
Nu  bageur soleh tur kasep
Debora :
Ka sumedang jeung mang tora
Anu remen Utah tea
Tepangkeun abdi debora
Nu bageur jeung geulis tea


Abiya :
Di situ aya buhaya
Nyumput dina tangkal awi
Nepangkeun abdi abiya
Nu jadi ambu neng tiwi
Harry:
Jalan jalan ka cimary
Meuli sawah ka si wiwi
Nepangkeun simabdi harry
Nu janten abah neng tiwi


Hiji carita di kampung Buah Batu hirup hiji kulawarga. Isuk-isuk samemeh mangkat kuliah, Pratiwi riweuh nguruskeun papakeanna lantaran hudangna kabeurangan.
Pratiwi : “Ambuuuuuu tiung tiwi na dimananya? Ning teu aya dina lomari?”
Ambu : “ceunah eta kamari nyimpen dimana?”
Meuli kueh ka mang awan
Nyimpang heula ka si oman
Aduh mani karipuhan
Boga budak sok pohoan
Abah : “euleuh euleuh ieu isuk isuk geus rariweuh kieu. Na aya naon teuing ieu teh ambu?”
Na lomari aya piring
Hujan gede tembok baseuh
Ieu Abah mani pusing
Isuk isuk geus rariweuh
Ambu : “aeh ai si Abah, itu budak Abah anu pohoan, unggal isuk riweuh.”
Pratiwi : “parantos Ambu Abah, sing horeng ieu tiung aya dina gantungan panto.”

Teu lila Pratiwi indit pamit ka Ambu jeung ka Abah bari rurusuhan. Torojol we Debora datang nyampeur,
Debora : “Tiwi, hayu atuh cuang mangkat bisi kabeurangan.”
Butuh samak tina pandan
Ambeh bisa kekedengan
Ti subuh geus rengse dangdan
Ambeh henteu kabeurangan
Pratiwi : “hayu atuh hayuu.”
Indit we eta budak dua ka kampusna dina motor.
Di kampus Septi geus hariwang, lantaran sieun gagal rencana na. Sapanjang jalan hayuh we nyiwitan leungeun sorangan.
Pratiwi :” Deb anter heula yu ka kantin, kuring can nyarap yeuh, bisi ke pingsan di kelas.”
Debora : “ hayu atuh barinage kuring ge asa hayang meuli cai”
Di jalan ka kantin pratiwi jeung Debora  papanggih jeung Septi
Septi : “aduh neng Tiwi sareng neng Debo mani tos gareulis”
Jalan jalan ka ci manggis
Jalanna ka pasir batang
Duh eneng mani tos geulis
Si geulis pujaan akang
Pratiwi :”naon atuh ah kang Septi enjing enjing tos ngagombal”
Debora : “kade ah Wi asa aya semu ngagombal .”
Si nini mencetan aki
Make ubar diciduhan
Kudu was was ka lalaki
Bisi beunang ku omongan
Septi : “ aeh aeh neng Debo mah mani kitu, di sebut geulis ge kalah ngagombal ceunah. Da Akang mah tara ngagombal.”
Pratiwi : “atos ah hayu Deb bisi kasiangan, hayu Kang neng tipayun.”
Septi : “ aduh neng Tiwi manga neng, eh neng ke mulih ti kampus akang ka bumi, wios nya?”
Debora : “tuh nya wi ceuk Debo ge naon? Pasti we aya kahayang kang Septi mah”
Pratiwi : “ ai Akang bade naon ka bumi neng ? “
Septi : “ ah tingali we engke akang bade naon, tapi neng ngawidian teu heula akang dongkap ka bumi neng ?
Pratiwi : “ mangga akang neng mah teu langkung akang we, ayeuna mah neng tipayun nya bade ka kantin”
malati kembang malati
dipelakeun dina batu
upami hoyong ka sim abdi
dongkap wae ka buah batu
Debora : “ nya hayu Wi si akang mah ngaganggu wae.”
Septi : “ hatur nuhun neneng anu gareulis, wilujeng ka kantin”
Jig we indit budak dua teh ka kantin, sing horeng si Septi kacida bingahna bari ajleng ajlengan mangkat ka kelas.
Kacaritakeun kuliah geus rengse tuluy we para mahasiswa mahasiswi balubar, kacida ramena eta kampus ku barudak ngora.
Debora : “ wi, ceuk anjeun si kang Septi ek naon nya k imah anjeun?”
Pratiwi : “ tah puguh simkuring ge tatadi kapikiran, sok araraneh da si akang eta mah “
Debora : “hayu lah ayeuna mah cuang ka imah anjeun”
Si teteh ka lingga manik
Balik na ka Pamalayan
Hayu-hayu geura balik
Kuring mah geus panasaran
Pratiwi : “ hayu atuh debo!”
Beda carita deui si Septi keur riweuh memener papakean jeung siap siap mental jang engke ek ka imah neng Pratiwi.
Wah iuh we si  Septi mawa motor bektu na indit ka imah neng Pratiwi.
Septi : “ assalamu’alaikum “
Ambu : “wa’alaikum salam, eeh ujang bade ka saha nya ?”
Septi : “ kuring Septi bu, kuring sumping k adieu bade ka neng Pratiwi, dupi neng Pratiwi na aya ?”
Teu lila Abah ngagorowok
Abah : “ ambuu.. ambuu.. saha ete tamu teh ? sina asup atuh ka jero, ulah dianggurken wae !”
Ambu : “ ieu Abah aya rerencanganna neng Tiwi”
Abah: “aeh ai sugan aya saha, sok atuh ujang lebet ka bumi reyod yeuh.”
Septi: “ hatur  nuhun abah ambu”
Teu lila kucunghul we neng tiwi kaluar ti kamer na.
Pratiwi : “ eh akang parantos sumping, ke sakedap neng nyandak heula cai ,”
Septi : “ eh neng wios teu kenging ngarepotkeun, akang moal lami da kadieu teh ararisin”
Pratiwi :”teu sawios akang”
Sabari neng tiwi mawa cai ka dapur, septi langsung ngobrol jeung Ambu jeung Abah.
Septi :
Ka cirahong bari nyesep
Meuli cau ka si adah
Aduh abah abi resep
Ka neng tiwi putri abah
Abah :
Si abah keur ngala awi
Naek motor nu si nana
Lamun hayang ka neng tiwi
Kudu boga jang bekel na
Datang neng Tiwi bari maw acai
Tiwi:
Meuli bawang ka man aming
Ngaliwat imah bi ebah
Lamun haying ka sim kuring
Kudu ngahareupan si abah


Ambu:
Ti Jakarta meunang kiwi
Di jalan beak kiwi na
Lamun haying ka neng tiwi
Kudu sabar nungguanna
Septi :
 Kembang cula kembang tanjung
 kembang sagala domdoman
 rek sabulan rek sataun
 moal weleh diantosan
Sannggeus rengse ngobrol, teu lila we si Septi kaluar ti imah neng Tiwi bari pamitan ka nu aya di imah.
Kabeh :
Meuli buah ka mang nana
Nitah meuli ka si patur
Enggeus rengse caritana
Sakieu nu kapihatur






Puisi Karya Sendiri

           Holla blogger J kali ini debo akan share suatu karya sastra yang cetar membahana. Karya sastranya yaitu ‘Puisi’. Kalian tentunya pasti tau dong apa itu puisi? Puisi adalah suatu ungkapan perasaan penyairnya yang dituangkan kedalam suatu bentuk tulisan, dan didalamnya terkandung suatu makna. Buat yang pengen bikin puisi sendiri tapi binggung topiknya harus apa, ini debo kasih referensi. Sebenarnya, ini tugas  bahasa Indonesia untuk kelas XII, tapi debo mau pamer dikit hasil puisi yang udah dibuat.
Debo sendiri dapat inspirasi dari sebuah lagu nidji ‘laskar pelangi’. nah, kebetulan secara debo kan udah mau melanjutkan perguruan tinggi. Ada banyak mimpi yang harus diraih. dan debo ingin menuangkannya ke dalam suatu puisi buatan sendiri. No plagiat ya gais :) Ini dia puisinya

MIMPI TAKLUKAN DUNIA
Oleh Debora Septika S
          Segar udara di pagi hari
            Sambut jiwa yang penuh ambisi
            Melangkah dengan pasti
            Bersama mimpi yang berarti
                                    Semua orang punya mimpi
                                    Mimpi yang menggetarkan fikiran dan hati
                                    Mimpi adalah kunci
                                    Kunci untuk menaklukan dunia ini
            Jika mimpi itu hilang
            Hidup bagai daun yang berguguran
            Yang tiada lagi berbuah
            Tak akan pernah ku biarkan mimpi itu sirna
                                    Berjalan di semak yang berduri
                                    Berlari hingga keringat membasahi baju ini
                                    Tak pernah ku peduli
                                    Karena ku tak ingin kalah sebelum berhasil
            Kepalaku menengadah ke atas
            Tatapan kosong dan cemas
            Kadang terbesit pertanyaaan dalam benak
            Apakah aku mampu melakukan ini?
                                    Ku coba arahkan pandangan lurus ke depan
                                    Karena ku tahu mimpi bias jadi kenyataan
                                    Sehingga aku bias berkenaan
                                    Bagi dunia dan demi masa depan